Selasa, 19 April 2022

NGABAGEAKEUN SASIH RAMADHAN (KHUTBAH BAHASA SUNDA)

 

NGABAGEAKEUN SASIH RAMADHAN KHUTBAH KAHIJI

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

ألْحَمْدُلِلّهِ الّذِيْ جَعَلَ شَهْرَ رَمَضَانَ غُرَّةَ وَجْهِ الْعَامِ. وَشَرَّفَ أَوْقَاتَهُ عَلَى سَائِرِ الأَوْقَاتِ, وَفَضَّلَ أَيَّامَهُ عَلَى سَائِرِ الأَيَّامِ،  وأشهد أنْ لا إله إلاالله وحده لا شريك له ربَّ الْعالمين وإلَهَ المُرْسلين وقَيُّوْمَ السَّمواتِ والأَرَضِين وأشهد أن محمدا عبده ورسوله المبعوثُ بالكتابِ المُبين الفارِقِ بَيْنَ الهُدى والضَّلالِ والْغَيِّ والرَّشادِ والشَّكِّ وَالْيَقِين.  والصَّلاةُ والسَّلامُ عَلى حَبِيبِنا و شَفِيْعِنا مُحمَّدٍ سَيِّدِ المُرْسلين و إمامِ المهتَدين و قائِدِ المجاهدين وعلى آله وصحبه أجمعين.

أَمَّا بَعْد :  فياأيها المسلمون أوصيكم وإياي بتقوى الله عز وجل والتَّمَسُّكِ بهذا الدِّين تَمَسُّكًا قَوِيًّا، قال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

Hadirin Sidang Jum’at Anu Mulya!

Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal.

Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada.

Dipirig ku dua kalimah syahadat lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.

Hadirin Sidang Jum’at Anu Mulya!

Dina hiji waktos, sasih Sya’ban, sapertos sasih ayeuna , nanging katompernakeun nana, Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, kantos sasauran panjang lebar, ngeunaan sumpingna sasih Ramadhan, saurna : “He sakabeh manusa, geus ngiuhan anjeun bulan anu agung tur barokah, bulan anu ngandung hiji peuting anu leuwih hade ti batan sarebu bulan. Allah ngajadikeun puasa dina bulan ieu, fardhu, jeung ngadegkeun shalat peutingna, sunat. Sing saha anu ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, dina ieu bulan ku hiji pagawean anu sunat, sarua jeung geus migawe kafardhuan dina bulan-bulan sejenna. Jeung sing saha anu migawe pagawean fardhu, sarua jeung geus migawe 70 kali tikel fardhu, dina bulan-bulan sejenna.

Bulan Ramadhan teh, bulan anu ngarupakeun bulan shabar, sedengkeun ganjaran kanu shabar, nyaeta Surga. Bulan Ramadhan teh ngarupakeun bulan hiburan sarta ngarupakeun bulan tambahna rizki, pikeun jalma anu iman.

Kusabab kitu lobakeun ku aranjeun opat perkara dina ieu bulan, dua perkara pikeun meunangkeun karidhaan Allah, dua perkara deui, omat ulah diliwatkeun kitu bae ku aranjeun. Anapon dua perkara anu baris ngadatangkeun karidhaan Allah SWT, nyaeta pangakuan, yen teu aya deui Pangeran anu wajib disembah kajaba Allah SWT, jeung anjeun menta pangampura ka Manten-Na, ari dua perkara anu ulah diliwatkeun kitu wae, nyaeta aranjeun kudu menta Surga jeung menta panyalindungan tina seuneu naraka.

Sing saha anu mere nginum kanu keur puasa pikeun buka, mangka Allah baris masihan leueuteun tina hiji talaga, anu moal matak hanaang nepi ka asup ka Surga ( Hadits Riwayat Abusy Syaikh Ibnu Hibban ti Salman Al Farisi )

Hadirin Sidang Jum’at Anu Mulya!

Rupi-rupi kaistimewaan dina sasih Ramadhan, anu dipaparkeun ku Rasulullaah SAW, dina hadits anu panjang-lebar nembe, nyaeta : “Sasih Ramadhan teh bulan anu agung tur barokah, kumargi dina ieu sasih, Allah SWT, parantos ngalungsurkeun Al Qur-an, anu janten undang-undang na umat Islam, pikeun ngatur hirup kumbuh miwah kahirupan umat, sangkan aya dina jalan anu lempeng bener, numutkeun Anu Nyiptakeunna-Na.

Al Qur-an mangrupi obor, anu nyaangan hate manusa, pikeun ngaluarkeun manusa tina poekeun bathin kana kahirupan anu caang mabra, sadayana diebrehkeun pikeun manusa, sangkan aya dina jalan kasalametan dunya katut akherat.

Kaagungan sasih Ramadhan, margi dina ieu bulan Allah SWT, parantos ngawajibkeun shaum ka umat Islam salami sasasih campleng. Dina ieu bulan disunatkeun shalat Taraweh, anu teu disunatkeun dina bulan-bulan sanesna.

Bulan Ramadhan disebat bulan barakah, margi dina ieu bulan, ajen amal ditikel-tikel pahalana, anu sunat diajenan fardhu, sedeng anu fardhu, diajenan sami sareng 70 kali tikeleun fardhu, malah langkung diistimewakeun deui, ku ayana hiji wengi, anu ajenna langkung tibatan sarebu bulan, nyaeta ”lailatul qadar”.

Bulan Ramadhan teh Agung tur barakah, kumargi ieu bulan teh, ngarupikeun bulan shabar, Shabar nahan lapar katut hanaang, shabar ngantos waktu buka, sok padahal tuang leueut, mangrupi kabutuhan poko dina kahirupan manusa.

Sagala perkara anu janten hak manusa ti beurang, ditahan kalayan pinuh ku kashabaran. Allah SWT ngajangjikeun Surga pikeun jalma anu shabar tur tahan uji.

Bulan Ramadhan agung tur barakah, margi ngarupikeun bulan hiburan, khususna pikeun golongan “fuqara wal masakin”, margi dina ieu bulan, rasa laparna aya nu maturan, rasa butuhna aya nu marengan, margi golongan “aghniya”, oge sami pada laparna.

Bulan Ramadhan teh barakah, margi dina ieu bulan, rizki umat Islam, rizki mu’min, baris ditambihan ku Allah SWT, ditambihan jumlahna, utamina ditambihan keberkahanana.

Bulan Ramadhan teh bulan du’a, margi dina ieu bulan, du’a mu’min baris dikabul ku Allah SWT, malah aya opat perkara anu dikhususkeun dina du’a Ramadhan, sakumaha hadits anu didugikeun tadi, dua perkara diantawisna, sangkan urang kenging karidhaan Allah SWT, sedengkeun anu dua perkara deui, nyaeta nyuhunkeun Surga miwah nyuhunkeun kasalametan tina seuneu Naraka.

Anu kahiji, ngucapkeun syahadat, pangakuan anu ikhlas, yen ngan Allah Ku Anjeun, Pangeran anu ngancik dina hatena, teu aya deui tempat anu nyesa, pikeun dieusian ku pangeran sejen, salian ti Allah SWT.

Weuteuhkeun iman ka Allah, sangkan Allah mikaridha, ngan ka Allah wungkul nyembah jeung ibadah, sangkan Manten-Na henteu bendu. Seueurkeun istighfar dina ieu bulan, mugia Allah SWT ngahampura kana kalepatan urang sadaya, salami sabelas bulan anu parantos kalangkung.

Dua perkara anu kadua, memang diistimewakeun dina Ramadhan, sok sanaos ibadah teh sanes wungkul miharep Surga, atanapi sanes wungkul sieun ku seuneu Naraka, nanging estu karana Allah, tapi dina bulan Ramadhan mah, dipiwarang ku Rasulullah SAW, sangkan urang sadaya, nyuhunkeun Surga katut nyuhunkeun panyalindungan tina seuneu Naraka.

Hadirin Sidang Jum’at Anu Mulya!

Rupi-rupi kakhususan sareng kaistimeaan ku Allah SWT dina sasih Ramadhan, sakedahna disambut kalayan pinuh ku rasa suka bungah tur kagumbiraan ku urang sadaya, anu Insyaa Allah dina waktos anu teu sabaraha lami deui, dina waktos anu kinten mimingguan deui, urang sadaya masih keneh dipasihan yuswa miwah kasempetan pikeun patepang deui sareng sasih Ramadhan ieu.

Siapkeun mental katut fisik samaksimal mungkin, sangkan urang sadaya tiasa ngalap rupa-rupa manfaat tina ibadah bulan Ramadhan, bulan suci, bulan agung, bulan mulya, bulan barakah.

Hadirin Sidang Jum’at Anu Mulya!

Sagala rupi aturan, boh aturan tinggalkeuneun, nya kitu deui aturan laksanakeuneun, moal leupas tina tujuan anu tangtu. Ibadah shaum khususna, tangtos mibanda rupa-rupa maksud sareng tujuan.

Tujuan utama tina ibadah shaum, sakumaha pidawuh Allah SWT dina Al Qur-an, surat Al Baqarah ayat nu ka 183 tadi :

يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

He jalma nu ariman, diwajibkeun pikeun aranjeun puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka umat samemeh aranjeun, sangkan aranjeun taqwa.

Hadirin Sidang Jum’at Anu Mulya!

Mental taqwa, anu baris ngabina hiji muslim, jadi hamba Allah anu pinuh ku rasa tanggung jawab, anu tetep panceg ngalaksanakeun tugas jeung kawajiban ka Khalikna katut ka sasamana, dina sagala rupi bidang amal, boh enteng atanapi beurat, salami urang hirup di alam dunya ieu.

Muslim anu taqwa, salamina yakin yen sagala ucap, tekad katut lampahna, saeutik oge, moal aya nu tiasa leupas tina balitungan Allah SWT. Mental taqwa ieu, anu kedah tetep aya dina diri muslim, anu tetep panceg marengan dina sagala widang kahirupan.

Taqwa anu sapertos kieu, tiasa dihasilkeun, ku cara ngalaksanakeun shaum anu sabener-benerna.

بَارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ وَجَعَلَنَا الله مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعُوْنَ الْقَوْلَ فَيَتَّبِعُوْنَ أَحْسَنَهُ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ الله لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ 

KHUTBAH KADUA :

: الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ،  أَشْهَدُ أنْ لا إلَهَ إلا اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ، وأشهدُ أنَّ مُحَمَّدًا عبْدُه ورَسُولُه . يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ  يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلا سَدِيدًا * يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا.

 اللَّهُمَّ صَلِّ وسَلِّمْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا صَلَّيْتَ وسَلّمْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، فِي العَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ

وَارْضَ اللَّهُمَّ عَنْ خُلَفَائِهِ الرَّاشِدِيْنَ، وَعَنْ أَزْوَاجِهِ أُمَّهَاتِ المُؤْمِنِيْنَ، وَعَنْ سَائِرِ الصَّحَابَةِ أَجْمَعِيْنَ، وَعَنْ المُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤْمِنَاتِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَعَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْن

اللَّهُمَّ اجْعَلْ جَمْعَنَا هَذَا جَمْعًا مَرْحُوْمًا، وَاجْعَلْ تَفَرُّقَنَا مِنْ بَعْدِهِ تَفَرُّقًا مَعْصُوْمًا، وَلا تَدَعْ فِيْنَا وَلا مَعَنَا شَقِيًّا وَلا مَحْرُوْمًا.  اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى وَالعَفَافَ وَالغِنَى.  اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ أَنْ تَرْزُقَ كُلاًّ مِنَّا لِسَانًا صَادِقًا ذَاكِرًا، وَقَلْبًا خَاشِعًا مُنِيْبًا، وَعَمَلاً صَالِحًا زَاكِيًا، وَعِلْمًا نَافِعًا رَافِعًا، وَإِيْمَانًا رَاسِخًا ثَابِتًا، وَيَقِيْنًا صَادِقًا خَالِصًا، وَرِزْقًا حَلاَلاً طَيِّبًا وَاسِعًا، يَا ذَا الْجَلاَلِ وَالإِكْرَامِ.

 اللَّهُمَّ أَعِزَّ الإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ، وَوَحِّدِ اللَّهُمَّ صُفُوْفَهُمْ، وَأَجْمِعْ كَلِمَتَهُمْ عَلَى الحَقِّ، وَاكْسِرْ شَوْكَةَ الظَّالِمِينَ، وَاكْتُبِ السَّلاَمَ وَالأَمْنَ لِعِبادِكَ أَجْمَعِينَ.  اللَّهُمَّ رَبَّنَا احْفَظْ أَوْطَانَنَا وَأَعِزَّ سُلْطَانَنَا وَأَيِّدْهُ بِالْحَقِّ وَأَيِّدْ بِهِ الْحَقَّ يَا رَبَّ العَالَمِيْنَ

 اللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْـمُسْلِمَاتِ وَالْـمُؤْمِنِيْنَ وَالْـمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّهُ سَمِيْعٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ،  رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

عِبَادَ اللهِ … اذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ الْـجَلِيْلَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ، وَاللهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ.

Pages

Daftar Blog Saya

  • BERFIKIRLAH SEBELUM BERBUAT MAKSIAT - Seorang laki-laki datang kepada Ibrahim bin Adham rahimahullah, Dia berkata: “Ya Aba Ishaq, aku sering berbuat maksiat. Katakan sesuatu kepadaku sebagai ...
    13 tahun yang lalu
  • - الحمد لله الذى أنزل الفرقان على عبده ليكون للعالمين نذيراً.. والصلاة والسلام على محمد بن عبد الله، الذى أرسله ربه شاهداً ومبشراً ونذيراً، وداعياً إلى الله...
    14 tahun yang lalu