Kamis, 09 Februari 2017

HIRUP NGUMBARA

Hirup Ngumbara
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ.
Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!
Puji kalih syukur sumangga urang sami-sami sanggakeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat wal’afiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu.

Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh kalebet oge urang sadayana.

Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka jama’ah jum’at sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna supados kenging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu panghadena di dunya ieu, jeung dibere akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba Alloh oge janten kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaeta ibadah. Dawuhan Rosulululloh S.A.W. :
عَنِ ابْنِ عُمَرَ رَضِيَ الله ُعَنْهُمَا قَالَ أَخَذَ رَسُوْلَ اللهِ صَلىَّ الله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ بِمَنْكِبَيْ فَقَالَ - كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيْبٌ , أَوْ عَابِرُ سَبِيْلٍ - وَكَانَ ابْنُ عُمَرَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ يَقُوْلُ " إِذَا أَمْسَيْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الْمَسَاءَ وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِمَرَضِكَ وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَوْ تِكَ " رواه البخاري

Ti Ibnu Umar mugia Alloh maparin ridho ka anjeunna,  anjeunna nyarios: ‘Rasululloh shollalloohu ‘alaihi wa sallam nyepeng punduk kami, lajeng anjeunna ngadawuh:” Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing atawa nu ngumbara”.’  Tuluy Ibnu Umar  rodhiyallahu anhuma nyarios deui: “Mun seug (kaayan) anjeun aya di waktu sore, maka tong nungguan waktu isuk, kitu keneh mun seug (kaayaan) anjeun aya dina waktu isuk, maka ulah nungguan waktu sore. Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot”. (H.R. Al-Bukhari).

Imam An-Nawawy rohimahullohu Ta’ala, ngajelaskeun, yen maksud kalimah hadits
 كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيْبٌ , أَوْ عَابِرُ سَبِيْلٍ
 (Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing atawa nu ngumbara”) maksudna nyaeta, ulah sakali-kali anjeun boga pamadegan yen dunya teh tempat panganjrekan nu lana salilana, atawa ulah boga pamadegan yen anjeun bakal hirup langgeng di ieu alam dunya. Oge ulah nepi ka katalikung ku kaayaan ieu alam dunya, nu antukna anjeun ngagantungkeun sapinuhna kahirupan di ieu alam dunya. Jadi, hirup di alam dunya teh kudu nerapkeun pamadegan yen anjeun teh jalma asing nu anyar dating keur aya dipangumbaraan nu hiji waktu kudu balik ka asal, ka tempat bali geusan ngajadi. Kadituna, anjeun kudu nyiapkeun sapuratina bebekelan pikeun bawaeun balik ka tempat asal tea. Hal ieu luyu reujeung cariosan Shohabat Salman Al-Farisy  rodhiyallahu anhu:

 “Panutan kami (Rosulullah s.a.w.) pernah marentahkeun ka kami pikeun henteu nyokot bagean ti ieu alam dunya, tapi kami diparentahkeun nyokot bagean (bebekelan) ti ieu alam dunya saukuran  jalma nu ker ngayakeun nyanyabaan”

Salajengna Imam Nawawy rohimahullohu ta’ala ngajelaskeun deui, yen hadits ieu teh ngandung dalil ngeunaan tong ngalobakeun teuing kahayang nu pamustunganana bakal nyilakakeun oge tong talangke kana taubat, tur dalil sangkan tatan-tatan nyiapkeun diri pikeun nyanghareupan maot. Mun seug boga rencana jeung harepan sawadina kudu ngucapkeun “Insyaalloh” (Mun dikersekun ku Alloh).

Sakumaha Dawuhan Alloh s.w.t. din surat Al-Kahfi ayat 23-24:

وَلَا تَقُولَنَّ لِشَيْءٍ إِنِّي فَاعِلٌ ذَلِكَ غَداًإِلَّا أَن يَشَاءَ اللَّهُ وَاذْكُر رَّبَّكَ إِذَا نَسِيتَ وَقُلْ عَسَى أَن يَهْدِيَنِ رَبِّي لِأَقْرَبَ مِنْ هَذَا رَشَداً

“Jeung poma maneh ulah nyarita ngeunaan hiji perkara: “ keun ku kaula dipigawe isukan”. Anging upama dikersakeun ku Alloh (ku nyebut  "Insya Allah"). Sarta maraneh kudu inget ka Pangeran maneh, mun seug maneh poho, pok ucapkeun: "Mugia Gusti Pangeran abdi, maparin pituduh ka abdi kana jalan anu langkung caket kana leresna, tibatan jalan ieu”.

Salajengna ngeunaan cariosan ibnu Umar "
 إِذَا أَمْسَيْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الْمَسَاءَ وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِمَرَضِكَ وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَوْ تِكَ
(“Mun seug (kaayan) anjeun aya di waktu sore, maka tong nungguan waktu isuk, kitu keneh mun seug (kaayaan) anjeun aya dina waktu isuk, maka ulah nungguan waktu sore. Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot”)

Ieu redaksi Hadits teh minangka anjuran sangkan saban jalma nu ngaku iman, sawadina kudu siap nyanghareupan maot, tur dina nyanghareupan eta maot teh kalayan geus nyiapkeun bekel amal sholeh nu bakal nganteur kana kasalametan di dunya oge diakherat jaga. Tegesna, ulah talangke dina milampah amal sholeh, mun seug aya dina waktu isuk geura prak pilamapah amal sholeh harita, ulah nungguan datangna sore, kitu keneh sabalikna.

Anapon redaksi kalimat “Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot” ieu hal teh minangka pangwawadi ka urang, yen urang kudu bener-bener ngamanfaatkeun kaayaan sehat jeung hirup pikeun ngalakonan ibadah ka Alloh, ulah dipake kana hal-hal nu teu munasabah nu matak nyilakakeun diri jeung sasama.
  
Khutbah Kedua
الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَلَّى اللهُ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. قَالَ تَعَالَى: يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا}.اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ. اَللَّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ، وَأَرِنَا الْبَاطِلَ باَطِلاً وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِيْنَنَا الَّذِيْ هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتِيْ فِيْهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنَا الَّتِيْ إِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِيْ كُلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

عِبَادَاللهِ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ، وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِِ وَاْلبَغْي، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، فَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ، وَاللهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ.

Khutbah Bulan Maulid

Khutbah Maulud Nabi
الْحَمْدُ للهِ شَرَّفَ الأَنَاَمَ بِصَاحِبِ الْمَقَامِ الأعْلَى. وَكَمَّلَ السُّعُوْدَ بِأَكْرَمِ مَوْلُوْدٍ. أَشْهَدُ أنْ لاإلهَ إلاّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأشْهَدُ أنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ بِالْحُجَّةٍ الَبَالِغَةِ وَحُسْنِ الْبَيَانِأللّهُمَّ صَلِّي وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأصْحَابِهِ أجْمَعِيْنَ. أمَّا بَعْدُ. فَيَا عِبَادَ اللهِ أًوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ وَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!
Puji kalih syukur sumangga urang sami-sami sanggakeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat wal’afiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu.

Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh kalebet oge urang sadayana.

Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka jama’ah jum’at sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna
Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!

Dina sasih Rabi’ul Awwal anu langkung dikenal nyaeta sasih mulud atanapi sasih dipedarkeun nana KN Muhammad SAW, tepatna kaping 12 rabi’ul awwal, tos janten ilahar mayoritas kaum muslimin ngayakeun peringetan maulid Nabi Muhammad SAW, boh di imah-imah ku cara ngulem tatangga, atanapi di Masjid masjid, majlis majlis ta‘lim lembaga pamarentah sareng sajabana. Anu eusina eta acara berbentuk pangaosan pangaosan umum, ceramah ceramah, aya oge di eusi ku bakti sosial, khitanan masal, sareng bentuk bentuk amal sholeh sanesna.

Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!
Aya sababaraha hal anu ngajantenkeun sabab mayoritas kaum muslimin ngalaksanakeun ieu peringetan, diantawisna :

Teu aya deui jalmi anu langkung mika cinta ka Umatna tinimbang KN Muhammad SAW.
Kacarioskeun dina hiji riwayat, sayaktosna di mahsyar diantara miliaran jalmi anu nuju panik, sieun, bingung, tagiwur, ku sabab bade mayunan mahkamah robbanniah aya salah sawios jalmi anu pang mulya-mulyana anu paling dipika cinta ku Alloh  nuju sujud mayun tawajjuh ka Alloh dina kaayaan ngadu’a, nangis, berharap, munajat ka Alloh, dugika ka dangu Alloh ngadauh nyauran ka KN Muhammad SAW : Hai Muhammad, gera angkat eta mastaka! sok geura nyungkeun ka Kami, pasti Kami anu agung bakal ngaijabah kana do’a anjeun.......!

Tangtos kacida luar biasa luhurna darajat jalmi anu mulya ieu mungguh Alloh SWT. Sabab dina nalika manusa teu tiasa naon-naon salian ti sieun, bingung, tagiwur tur panik anu kacida ternyata manusia agung ieu dipaparin kasempetan kanggo nyarios secara langsung sareng Alloh SWT.
Naon atuh anu janten emutan KN Muhammad SAW nalika mantenna dipaparin kasempetan pikeun ngadu’a nyuhunkeun Ka Alloh, dzat anu parantos nyiptakeun sadaya langit sinareng bumi, Dzat anu nyiptakeun sorga sareng Naraka.

Naha KN Muhammad nyuhunkeun supados dienggalkeun supados lebet kana surga supados enggal bebas tina sangsarana di alam mahsyar? Atanapi anjeunna nyuhunkeun supados istri istri sareng kulawargana enggal disalametkeun teras enggal lebet surga?

Waleran nana sanes eta.....margi KN sanes tipe pamingpin sapertos kitu, mantenna teu kantos mentingkeun diri pribadi oge kulawargana, namung justru mantenna nangis payuneun Alloh SWT teh emut ka umatna. : Ummati... ummati... ummati... (ya Alloh mugi nyalametkeun ummat abdi).
Sumangga urang naros ka diri masing masing tos dugika mana urang mika cinta ka KN Muhammad SAW? Oge Tos dugika mana urang tiasa ngamalkeun ajaran ajaran mantenna?
2.      Sabab di alam akherat engke satiap jalma bakal sasarengan jeung jalmi anu dipikacinta na.
K Nabi SAW ngadauh, “Ari anjeun eta bakal bareng jeung jalma anu dipika cinta (di akhirat)” (HR Bukhari dan Muslim).

Diriwayatkeun hadits ti Imam Muslim, Anas bin Malik-Radhiyallahu ‘anhu- nyarios: “parantos dongkap hiji pameget ka KN Muhammad SAW. Lajeng eta jalmi naros: “Ya Rosulalloh iraha ari kiamah teh?” lajeng Rosulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam naros :”anjeun wantun naroskeun kiamat, naon kitu anu tos disiapkeun ku anjeun dina mayunan poe kiamah?” eta jalmi ngawaler pokna,”abdi Cinta ka Allah sareng cinta ka Rosul-Na.” lajeng Rosulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam dauh,”Anjeun bakal sasarengan jeung anu ku anjeun dipika cinta.”

Rupina upami urang mika cinta ka Alloh, Rosul, para sohabat, sareng jalmi jalmi anu saroleh tinangtos urang bakal disarengkeun sareng marantenna anu pinuh ku kanikmatan akherat.
3.      Jasa mantenna Anu kacida ageungna.

Sanes wungkul kanikmatan dunya tapi wasilah perjuangan KN Muhammad SAW urang tiasa ngaraoskeun nikmat iman sareng Islam, ku sabab ieu nikmat urang tiasa ngaraih nikmat dunya oge nikmat akherat.

Micinta KN Muhammad SAW, bakal mibanda kana sampurna na Iman
Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadauh,
لَا يُؤْمِنُ أَحَدُكُمْ حَتَّى أَكُونَ أَحَبَّ إِلَيْهِ مِنْ وَلَدِهِ وَوَالِدِهِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ
“hiji jalmi teu diangken gaduh iman (iman anu sampurna, peny) sahingga kaula lewih dipika cinta tinimbang anak jeung orang tuana sarta manusia sakabehna.”(HR.Muslim)
Kasampurnaan iman ieu tiasa kapibanda ku cara turut, tunduk tur patuh kana aturan aturan Alloh sareng Rosulna tanpa aya mang-mang sakedik oge.
فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُونَ حَتَّى يُحَكِّمُوكَ فِيمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوا فِي أَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوا تَسْلِيمًا
“Maka demi Pangeran anjeun, maranehna (dina hakekatna) moal arariman dugika maranehna ngajantenkeun hakim ka anjeun dina perkara anu perselisihkeun, terus maranehna teu ngarasa berat dina hate hatena kana putusan anjeun, jeung maranehna narima kalawan ikhlas.” (QS. An Nisa’: 65).
Mung sakieu khutbah ti simkuring mugia aya manfaatna.
وقل رب اغفر وارحم و انت خير الراحمين

Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى اِلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا. اَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهّ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ


Pages

Daftar Blog Saya

  • BERFIKIRLAH SEBELUM BERBUAT MAKSIAT - Seorang laki-laki datang kepada Ibrahim bin Adham rahimahullah, Dia berkata: “Ya Aba Ishaq, aku sering berbuat maksiat. Katakan sesuatu kepadaku sebagai ...
    13 tahun yang lalu
  • - الحمد لله الذى أنزل الفرقان على عبده ليكون للعالمين نذيراً.. والصلاة والسلام على محمد بن عبد الله، الذى أرسله ربه شاهداً ومبشراً ونذيراً، وداعياً إلى الله...
    14 tahun yang lalu