Selasa, 25 Oktober 2016

Maulud Nabi

Khutbah Maulud Nabi
الْحَمْدُ للهِ شَرَّفَ الأَنَاَمَ بِصَاحِبِ الْمَقَامِ الأعْلَى. وَكَمَّلَ السُّعُوْدَ بِأَكْرَمِ مَوْلُوْدٍ. أَشْهَدُ أنْ لاإلهَ إلاّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأشْهَدُ أنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ بِالْحُجَّةٍ الَبَالِغَةِ وَحُسْنِ الْبَيَانِأللّهُمَّ صَلِّي وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأصْحَابِهِ أجْمَعِيْنَ. أمَّا بَعْدُ. فَيَا عِبَادَ اللهِ أًوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ وَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!

Puji kalih syukur sumangga urang sami-sami sanggakeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat wal’afiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu.

Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh kalebet oge urang sadayana.

Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka jama’ah jum’at sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna

Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!

Dina sasih Rabi’ul Awwal anu langkung dikenal nyaeta sasih mulud atanapi sasih dipedarkeun nana KN Muhammad SAW, tepatna kaping 12 rabi’ul awwal, tos janten ilahar mayoritas kaum muslimin ngayakeun peringetan maulid Nabi Muhammad SAW, boh di imah-imah ku cara ngulem tatangga, atanapi di Masjid masjid, majlis majlis ta‘lim lembaga pamarentah sareng sajabana. Anu eusina eta acara berbentuk pangaosan pangaosan umum, ceramah ceramah, aya oge di eusi ku bakti sosial, khitanan masal, sareng bentuk bentuk amal sholeh sanesna.

Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!

Aya sababaraha hal anu ngajantenkeun sabab mayoritas kaum muslimin ngalaksanakeun ieu peringetan, diantawisna :
1. Teu aya deui jalmi anu langkung mika cinta ka Umatna tinimbang KN Muhammad SAW.
Kacarioskeun dina hiji riwayat, sayaktosna di mahsyar diantara miliaran jalmi anu nuju panik, sieun, bingung, tagiwur, ku sabab bade mayunan mahkamah robbanniah aya salah sawios jalmi anu pang mulya-mulyana anu paling dipika cinta ku Alloh  nuju sujud mayun tawajjuh ka Alloh dina kaayaan ngadu’a, nangis, berharap, munajat ka Alloh, dugika ka dangu Alloh ngadauh nyauran ka KN Muhammad SAW : Hai Muhammad, gera angkat eta mastaka! sok geura nyungkeun ka Kami, pasti Kami anu agung bakal ngaijabah kana do’a anjeun.......!

Tangtos kacida luar biasa luhurna darajat jalmi anu mulya ieu mungguh Alloh SWT. Sabab dina nalika manusa teu tiasa naon-naon salian ti sieun, bingung, tagiwur tur panik anu kacida ternyata manusia agung ieu dipaparin kasempetan kanggo nyarios secara langsung sareng Alloh SWT.

Naon atuh anu janten emutan KN Muhammad SAW nalika mantenna dipaparin kasempetan pikeun ngadu’a nyuhunkeun Ka Alloh, dzat anu parantos nyiptakeun sadaya langit sinareng bumi, Dzat anu nyiptakeun sorga sareng Naraka.

Naha KN Muhammad nyuhunkeun supados dienggalkeun supados lebet kana surga supados enggal bebas tina sangsarana di alam mahsyar? Atanapi anjeunna nyuhunkeun supados istri istri sareng kulawargana enggal disalametkeun teras enggal lebet surga?

Waleran nana sanes eta.....margi KN sanes tipe pamingpin sapertos kitu, mantenna teu kantos mentingkeun diri pribadi oge kulawargana, namung justru mantenna nangis payuneun Alloh SWT teh emut ka umatna. : Ummati... ummati... ummati... (ya Alloh mugi nyalametkeun ummat abdi).

Sumangga urang naros ka diri masing masing tos dugika mana urang mika cinta ka KN Muhammad SAW? Oge Tos dugika mana urang tiasa ngamalkeun ajaran ajaran mantenna? 

2.      Sabab di alam akherat engke satiap jalma bakal sasarengan jeung jalmi anu dipikacinta na. K Nabi SAW ngadauh, “Ari anjeun eta bakal bareng jeung jalma anu dipika cinta (di akhirat)” (HR Bukhari dan Muslim).

Diriwayatkeun hadits ti Imam Muslim, Anas bin Malik-Radhiyallahu ‘anhu- nyarios: “parantos dongkap hiji pameget ka KN Muhammad SAW. Lajeng eta jalmi naros: “Ya Rosulalloh iraha ari kiamah teh?” lajeng Rosulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam naros :”anjeun wantun naroskeun kiamat, naon kitu anu tos disiapkeun ku anjeun dina mayunan poe kiamah?” eta jalmi ngawaler pokna,”abdi Cinta ka Allah sareng cinta ka Rosul-Na.” lajeng Rosulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam dauh,”Anjeun bakal sasarengan jeung anu ku anjeun dipika cinta.”

Rupina upami urang mika cinta ka Alloh, Rosul, para sohabat, sareng jalmi jalmi anu saroleh tinangtos urang bakal disarengkeun sareng marantenna anu pinuh ku kanikmatan akherat.

3.      Jasa mantenna Anu kacida ageungna sanes wungkul kanikmatan dunya tapi wasilah perjuangan KN Muhammad SAW urang tiasa ngaraoskeun nikmat iman sareng Islam, ku sabab ieu nikmat urang tiasa ngaraih nikmat dunya oge nikmat akherat.
4.      Micinta KN Muhammad SAW, bakal mibanda kana sampurna na Iman
Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadauh,

لَا يُؤْمِنُ أَحَدُكُمْ حَتَّى أَكُونَ أَحَبَّ إِلَيْهِ مِنْ وَلَدِهِ وَوَالِدِهِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ

“hiji jalmi teu diangken gaduh iman (iman anu sampurna, peny) sahingga kaula lewih dipika cinta tinimbang anak jeung orang tuana sarta manusia sakabehna.”(HR.Muslim)
Kasampurnaan iman ieu tiasa kapibanda ku cara turut, tunduk tur patuh kana aturan aturan Alloh sareng Rosulna tanpa aya mang-mang sakedik oge.

فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُونَ حَتَّى يُحَكِّمُوكَ فِيمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوا فِي أَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوا تَسْلِيمًا

“Maka demi Pangeran anjeun, maranehna (dina hakekatna) moal arariman dugika maranehna ngajantenkeun hakim ka anjeun dina perkara anu perselisihkeun, terus maranehna teu ngarasa berat dina hate hatena kana putusan anjeun, jeung maranehna narima kalawan ikhlas.” (QS. An Nisa’: 65).
Mung sakieu khutbah ti simkuring mugia aya manfaatna.
وقل رب اغفر وارحم و انت خير الراحمين

 Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى اِلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا. اَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهّ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pages

Daftar Blog Saya

  • BERFIKIRLAH SEBELUM BERBUAT MAKSIAT - Seorang laki-laki datang kepada Ibrahim bin Adham rahimahullah, Dia berkata: “Ya Aba Ishaq, aku sering berbuat maksiat. Katakan sesuatu kepadaku sebagai ...
    13 tahun yang lalu
  • - الحمد لله الذى أنزل الفرقان على عبده ليكون للعالمين نذيراً.. والصلاة والسلام على محمد بن عبد الله، الذى أرسله ربه شاهداً ومبشراً ونذيراً، وداعياً إلى الله...
    14 tahun yang lalu