Jumat, 13 Maret 2015

Harepan sareng cita-cita

Harepan sareng cita-cita 
    (Khutbah Jum'at)

الْحَمْدُ للهِ القَوِيِّ المَتِينِ، سُبْحَانَهُ خَلَقَ الإِنْسَانَ فِي أَحْسَنِ تَقْوِيمٍ، وَهَدَاهُ لِلْمَنْهَجِ القَوِيمِ، وَسَنَّ شَرَائِعَ فِيهَا القُوَّةُ وَالتَّمكِينُ، بِحِكْمَتِهِ نُؤْمِنُ، وَبِقُدْرَتِهِ نُوقِنُ، عَلَيْهِ نَتَوَكَّلُ، وَإِيَّاهُ نَستَعِينُ، أَحْمَدُهُ تَعَالَى بِمَا هُوَ لَهُ أَهْلٌ مِنَ الْحَمْدِ وَأُثْنِي عَلَيْهِ، وَأَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيَّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُ اللهِ وَرَسُولُهُ، لَمْ يَزَلْ مُتَوَكِّلاً عَلَى رَبِّهِ، وَاثِقًا بِوَعدِهِ، صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ، وَعَلَى كُلِّ مَنْ اقْتَفَى أَثَرَهُ وَتَرَسَّمَ خُطَاهُ إِلَى يَومِ الدِّينِ .  يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

Hadirin Rohimakumulloh!

Ngalangkungan khutbah ieu, sumangga urang sanggakeun puja sinareng puji kanu kagungan nana nyaeta Allah swt, anu parantos maparin umur kaurang sadaya dugika dinten ieu. Mugia urang tiasa ngamanfaatkeun nana ku midamel rupi rupi amal sholeh anu janten sabab bakal ngaronjatna iman sareng taqwa urang ka Alloh SWT

Urang sadaya nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanten-Na anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng abdi sadaya nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng Rasul-Na anu dikiatan ku pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat.

Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia sareng akherat.

Langkung tipayun Khotib bade wasiyat khusus kanggo dirina oge ka para jamaah sadaya sangkan ngaronjatkeun kataqwaan nana ka Allah SWT,  dina saban-saban waktos anu dipaparinkeun ku Alloh ka urang sadaya, numawi sakitu sumangga urang sami-sami ngamanfaatkeun nikmat yuswa ieu ku beukeul anu pang sae-saena, nyaeta taqwa sangkan kengeng kabagjaan dunya rauh akherat.

Hadirin Rohimakumulloh!

Umumna Setiap jalmi di alam dunia ieu ngagaduhan cita-cita, kahoyong, oge harepan anu tiasa ngawujud, diantawisna; aya anu hoyong ngagaduhan jabatan anu luhur, aya anu hoyong harta anu seueur, aya anu hoyong ngagaduhan Istri nu geulis, aya anu hoyong gaduh imah anu ageung tur sae lengkep sareng fasilitas di lebetna.  sareng sajabina.

Memang leres pisan dauhan Kanjeng Rasulullah SAW, sayaktosna kahoyong manusa di alam dunya ieu moal aya lirenna terkecuali upami manehna tos diasupkeun kana jero kubur:

لَوْ أَنَّ لِابْنِ آدَمَ وَادِيًا مِنْ ذَهَبٍ أَحَبَّ أَنْ يَكُوْنَ لَهُ وَادِيَانِ وَلَنْ يَمْلَأَ فَاهُ إِلَّا التُرَابُ وَيَتُوْبُ اللهُ عَلَى مَنْ تَابَ

Saupama hiji jalma ngagaduhan hiji gunung emas, maka pasti eta jalmi bakal mikahoyong kana ngagaduhan dua gunung emas deui, sareng moal tiasa minuhan kana bahamna eta jalmi terkecuali taneuh (teu tiasa ngalirenkeun kana kahoyongna kecuali upami tos maot) sareng ari Alloh eta bakal nampi kana tobatna jalma-jalma anu kersa tobat (HR. Bukhari)

Naon wae anu janten cita-cita sareng kahoyong di alam dunya ieu salami masih aya kasempatan, eta masih tiasa diusahakeun tur masih aya kamungkinan janten hiji kanyataan. Nyaeta ku midamel sabab-sabab anu parantos ditangtoskeun ku Alloh SWT.

Hadirin Rohimakumulloh!

Dina waktos anu mulya ieu, khatib moal bade ngajak ka jamaah sadayana sangkan ngagaduhan cita-cita sareng kahoyong anu muluk-muluk, tapi khatib bade umajak supados urang sadayana tiasa nafakuran kana cita-cita sareng kahoyongna jalmi-jalmi anu tos teu tiasa deui nyumponan nana, kahoyong anjeunna janten lamunan margi tos terputus tina sabab, anjeunna nyaeta jalmi jalmi anu tos tilar dunya atanapi tos maot.

Hadirin Rohimakumulloh!

Naon atuh anu janten kahoyong, harepan, sareng lamunan jalmi anu tos maot teh? Saatos nyaksian kana rupi-rupi nikmat atanapi rupi-rupi siksa Alloh SWT payuneun maranehna? naha masih keneh eta jalmi mikahoyong kana kanikmatan dunya anu parantos nyita kana perhatosan setiap jalmi?

Hadirin Rohimakumulloh!

jalmi-jalmi anu parantos ngantunkeun alam dunya ieu eta rupi-rupi, aya anu sae oge aya anu awon, aya anu sholeh aya oge anu teu sholeh, aya anu diceungcerikan maotna teh oge aya anu dipiharep maotna, sadayana ngagaduhan harepan atanapi lamunan anu benten. hal ieu parantos diuningakeun ku Alloh SWT sareng KN Muhammad SAW. diantawisna :

1.      Kahijina; upami hiji jalmi sholeh maot anjeunna hoyong pisan saenggalna dicandak ka pakuburan nana; Disebatkeun dina shahih al-Bukhari ti hadits Abi Sa’id al-Khudri radhiyallahu ‘anhu:

إذَا وُضِعَتْ الْجِنَازَةُ فَاحْتَمَلَهَا الرِّجَالُ عَلَى أَعْنَاقِهِمْ فَإِنْ كَانَتْ صَالِحَةً قَالَتْ : قَدِّمُونِي قَدِّمُونِي ، وَإِنْ كَانَتْ غَيْرَ صَالِحَةٍ قَالَتْ : يَا وَيْلَهَا أَيْنَ يَذْهَبُونَ بِهَا ، يَسْمَعُ صَوْتَهَا كُلُّ شَيْءٍ إِلَّا الْإِنْسَانَ وَلَوْ سَمِعَهَا الْإِنْسَانُ لَصَعِقَ

upami hiji janazah parantos digolerkeun dina pasaran lajeng jalmi-jalmi anu hirup ngagotong kana saluhureun taktak-taktakna, upami eta janazah jalmi anu sholeh nyarios “enggal atuh, enggal atuh. tapi upami eta janazah sanes jalmi anu sholeh, maka eta janazah ngomong “duh cilaka ari kaula rek dibarawa kamana?cariosan nana ieu teh kakuping ku sakabeh mahluk kecuali teu tiasa kakuping ku manusa, jeung upama manusa tiasa nguping kana humalengisna pasti jalmi anu ngupingna bakal kapiuhan.

2.      Kaduana; jalmi-jalmi anu mikahoyong sangkan kiamat dienggalkeun.

dikisahkeun dina musnadna Imam Ahmad dina hadits anu panjang sayaktosna hiji jalmi di alam kubur tina saparantos tiasa ngawaler kana patarosan malaikat munkar sareng nakir, lajeng sumping informasi anu kacida ngabungahkeun ti Alloh wireh eta jalmi bakal lebet kana surgana Alloh SWT, lajeng eta jalmi mikahoyong sangkan kiamat dienggalkeun.

ieu mangrupikeun hiji harepan jalmi anu sholeh saparantos eta jalmi ninggal kanggo pitempateun nana di surga, padahal dinten kiamat mangrupikeun dinten anu paling sulit sareng paling abot  kanggo satiap jalmi. bentenn pisan sareng kaayaan nana jalma munafek sareng jalma kafir, maranehna ngarepkeun pisan sangkan dinten kiamat teu sumping, padahal di alam kubur manehna meunang siksa anu kacida nyerina. Namung kusabab maranehna nyaho sayaktosna siksa naraka kacida kacida  kacida nyerina, sahingga maranehna leuwih milih tetep disiksa dina jero kuburna.

3.      Katiluna; harepan sareng kahoyong jalmi anu maot syahid

Shohabat Anas bin Malik radhiyallahu ‘anhu ngariwayatkeun hadits ti KN Muhammad SAW. anu unggelna;

مَا أَحَدٌ يَدْخُلُ الْجَنَّةَ يُحِبُّ أَنْ يَرْجِعَ إِلَى الدُّنْيَا وَلَهُ مَا عَلَى الْأَرْضِ مِنْ شَيْءٍ إِلَّا الشَّهِيدُ يَتَمَنَّى أَنْ يَرْجِعَ إِلَى الدُّنْيَا فَيُقْتَلَ عَشْرَ مَرَّاتٍ لِمَا يَرَى مِنْ الْكَرَامَةِ

teu aya hiji jalma oge anu lebet ka surga lajeng hoyong deui uih ka dunya, terkecuali jalmi-jalmi anu maot syahid, sareng anjeunna teu mikahoyong sakedik oge tina dunya kajaba maot syahid, eta jalmi miharep sangkan uih deui ka dunya teras maot syahid deui sapuluh kali, ku sabab eta jalmi parantos nyaksikeun kana mulyana nu maot syahid.” (HR. Bukhori)

Hadirin Rohimakumulloh!

tah kitu gening harepan-harepan jalmi-jalmi anu sholeh anu parantos ngantunkeun alam dunya ieu, lajeng kumaha atuh ari harepan nana jalmi-jalmi anu malaweung dina nalika hirupna di alam dunya? diantawisna nyaeta;

Kahijina : jalmi anu beurat masihan sodaqoh.
jalmi anu nuju sakarotul maot miharep pisan sangkan jatah hirupna ditambihan supados tiasa ngaluarkeun sodaqoh tur janji bade janten jalma anu sholeh, hal ieu di dauhkeun ku Alloh dina al qur’an:

وَأَنْفِقُوا مِنْ مَا رَزَقْنَاكُمْ مِنْ قَبْلِ أَنْ يَأْتِيَ أَحَدَكُمُ الْمَوْتُ فَيَقُولَ رَبِّ لَوْلَا أَخَّرْتَنِي إِلَىٰ أَجَلٍ قَرِيبٍ فَأَصَّدَّقَ وَأَكُنْ مِنَ الصَّالِحِينَ

jeung poma maraneh kudu daek infak tina sawareh harta anu ku kami geus dibikeun, saacan maot datang kamaraneh,  ; terus manehna ngomong: “duh pangeran abdi mugi gusti nangguhkeun kana waktu maot abdi sakedap weh, abdi bade sodaqoh heula sareng abdi bakal janten jalmi anu sholeh.?” (QS. al-Munafiqun: 10)

Ibnu Katsir rahimahullah nyarios “Satiap jalma lalawora dina nalika hirup di alam dunyana tiasa dipastikeun eta jalma bakal hanjelu, hanjakal dina waktu nyawana dicabut. Manehna bakal ngarepkeun supaya umurna ditambahan sok sanajan sakedeung sangkan bisa ngalaksanakeun amal sholeh anu ku manehna geus dilalaworakeun.”

Kaduana, harepan jalma anu lalawora dina amal sholeh.

Harepan anu paling ageung ti jalma anu tos maot nyaeta harepan sangkan manehna tiasa hirup deui pikeun midamel amal sholeh.;

حَتَّى إِذَا جَآءَ أَحَدَهُمُ الْمَوْتَ قَالَ رَبِّ ارْجِعُونِ {99} لَعَلِّي أَعْمَلُ صَالِحًا فِيمَا تَرَكْتُ

“(tah kitu kaayaan nana jalma jalma anu kufurteh), sahingga upama geus datang ka maranehna maot tuluy manehna ngaromong: “hai pangeran abdi uihkeun deui abdi ka dunya supados abdi tiasa midamel amal sholeh tina waktu anu tos ku abdi dilalaworakeun.” (QS. al-Mukminun: 99-100)
Mugia urang sadaya dilebetkeun kana reng-rengan jalmi-jalmi anu sholeh nyaeta jalmi jalmi anu parantos ku Alloh dipaparin nikmat sanes ti reng-rengan jalmi-jalmi anu dipika bendu sareng anu sasar. Amiin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ ...............................


Khutbah Kedua:


اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى تَفَرَّدَ بِالْعِزِّ وَالْجَلاَلِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى مُنْقِدِ مِنَ الضَّلاَلِ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ خَيْرِ آلٍ. (اَمَّابَعْدُ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِىّ يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ اَمِيْن يَااَللهُ يَامُجِيْبَ السَّائِلِيْنَ: اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُوْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ   رَبَّنَا لاَ تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِيْنَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلاَ تَحْمِلْ عَلَيْنَا اِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلاَ تُحَمِّلْنَا مَا لاَ طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلاَنَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار. وَالْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

عِبَادَ اللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ. اَسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pages

Daftar Blog Saya

  • BERFIKIRLAH SEBELUM BERBUAT MAKSIAT - Seorang laki-laki datang kepada Ibrahim bin Adham rahimahullah, Dia berkata: “Ya Aba Ishaq, aku sering berbuat maksiat. Katakan sesuatu kepadaku sebagai ...
    13 tahun yang lalu
  • - الحمد لله الذى أنزل الفرقان على عبده ليكون للعالمين نذيراً.. والصلاة والسلام على محمد بن عبد الله، الذى أرسله ربه شاهداً ومبشراً ونذيراً، وداعياً إلى الله...
    14 tahun yang lalu