Minggu, 15 Maret 2015

Nasehat Taqwa

Nasehat Taqwa
إِنَّ الْحَمْدَ لله نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ ب الله مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ الله فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إله إلا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ،   والصَّلاةُ والسَّلامُ عَلى حَبِيبِنا و شَفِيْعِنا مُحمَّدٍ سَيِّدِ المُرْسلين و إمامِ المهتَدين و قائِدِ المجاهدين وعلى آله وصحبه أجمعين، أمابعدفياأيها المسلمون أوصيكم وإياي بتقوى الله، فقال الله تعالى في كتابه الكريم  أعوذ بالله من الشيطان الرجيم  يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلمونَ.
Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh!

Upami dititenan, geuningan sadaya ibadah nu dipidamel nu minangka parentah Alloh teh horeng nu dituju nyaeta kahontalna darajat taqwa, sabab ku kacangkingna kataqwaan Alloh moal koret kanggo ngalungsurkeun Ridho-Na. da wungkul ku taqwa, jalma tiasa nyegah lampah salah, wungkul ku taqwa jalma tiasa meuseuh diri ngisat awak. bajoang meper hawa nafsu, tapi teu kengeng dugika musnah eta nafsu, sabab nafsu oge wajib ayana dina diri, manusa tanpa nafsu eta lir ibarat manusa ngajolor ngabanusan. jadi hawa nafsu tetep kedah aya ngan tugas urang ngagilekkeun eta hawa nafsu teh sangkan nurut ka urang, sanes urang nu nurut kana hawa nafsu. tah mun seug jalma geus tiasa meruhkeun hawa nafsuna maka katakwaan bakal kacangking pasti.

Upami diringkes ku basa nu basajan perkawis makna hakekat taqwa teh kieu rupina, yen taqwa teh tanda mahabbah-na, tanda micinta-na hiji hamba ka Gustina, tegesna nyasar rasa nu ngalangkang dina ingetan, di tiiran diunikeun jadi kembang papandanan, baham muka, lisan kedal "Laa Ilaaha" (Taya deui Pangeran nu wajib diibadahan)....balik kana ati bari dipatri malar kuat parat kana rasa ku kalimah "Illallooh" (Taya kajaba anging Alloh). Pamustungan nu diraeh, nyaeta huruf luntur lafadz musnah, sanes huruf nu di tuju, lafadz nu diteang, komo lisan nu nyorakeun eta kalimah, tapi ati surti bari dipatri ku tekad diri seja nyungsi Gusti nu sahiji, Pangeran nu ngawujud mutlaq tanpa karana Allah 'Azza Wajalla

Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh!

Kalakuan nu jadi ciri mandiri jalma taqwa diantarana, mun ti peuting sok sering nyaring kanggo eling ka Nu Murbehing, mun ti beurang kasab ikhtiyar bari tetep Taat ka Pangeran, Ati na tanghi teu weleh dzikir, istighfar jadi kalanggenan lisan, maca Qur'an geus kabiasaan, ati tigin salamina tibelat ka akherat nu numuwuhkeun lengkah nu teu kendat kana ibadah taat, tur sabar ninggalkeun ma'shiyat. wedi asih ka sugri ning nu kumelip, kanyaahna teu ngawilah-wilah komo bari dipilihan, tutulung ka nu butuh, nalangan ka nu keur nandangan ka susah, ka faqir ngajaring, ka ulama ngahormat, ka nu bodo ngajak sangkan milu di ajar. ngajauhan laku adigung adiguna, ujub riya reujeung takabur.

Sedengkeun cara ngahontal darajat taqwa seueur pisan ragem jeung cara, Allah nyalira dadawuh dina kitab-Na Al-Qur'an nu Mulia, saban-saban Manten-Na nyauran ka jalma nu iman sok dituturkeun ku piwarangna, ieu teh nandakeun yen saban-saban jalma nu ngaku iman kedah tiasa ngabuktikeunana, tegesna, iman sanes ukur aku-akuan wungkul kulisanna, tapi kedah dibuktikeun jeung tingkahna,

Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh!

Asal kecap taqwa sapalih Ulama nyebatkeun dicandak tina kecap “Waqaa-Yaqii” nu ngandung harti ngajaga diri tina perkara nu ngabahayakeun. Aya oge sapalih Ulama nu nyebatkeun dicandak tina kecap ‘Waqwaa’, tuluy huruf ‘wawu’ tina awal kecap ‘waqwaa’ teh diganti ku huruf ‘ta’’, jadi weh unina ‘Taqwaa’ nu mibandan harti ati-ati, atawa waspada.

Sayyidina Umar bin Khaoththob ra. Kantos ditaros ku shohabat Ubay ra. Ngeunaan makna taqwa. Anjeunna malik naros ka Ubay ra.:
Naha anjeun kungsi leumpang di jajalaneun nu pinuh ku cucuk?”
Sumuhun ..kantos nun “ Waler Ubay.
Kumaha tingkah anjeun ?”Sayyidina Umar Naros deui.
Nya tangtosna bae jisim abdi ati-ati “waler Ubay.
Tah ..Taqwa oge kitu”Tandes Sayyidina Umar.

Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh!

Jadi, nu kedah digaris badag-an ngeunaan makna taqwa teh nyaeta, ayana kawaspadaan, ayana tingkah ati-ati dina kahirupan, henteu tunggul diparud catang dirumpak, estu asak tinimbangan, dipikir dibulak-balik dimana migawe hiji perkara. Kedah ngareret bari nyaluyukeun kana katangtuan hukum agama oge darigama dimana urang seja milampah hiji perkara. Ngarah henteu melengkung bekas nyalahan estu sapagodos rejeung kahoyong nu maparin kahirupan nyatana Allah.

Umumna mah ngamaknaan taqwa teh, nyaeta migawe sagala parentah Allah sareng nebihan sagala hal nu dilarang ku Manten-Na, (Imtitsaalu Awaamirillaahi Wajtinaabun-Nawaahih). ieu oge maksudna mah kana ka-ati-atian hirup, kana kawaspadaan keneh dina ngisi kahirupan di ieu alam dunya, dipalar ulah nepi ka nogencang, papalingpang reujeung ugeran oge aturan nu tos jadi katangtuan Allah, utamana ngeunaan parentah reujeung larangan. Sabab mun dititenan eusina agama mah ukur dua, nyaeta parentah Allah jeung panyaram Manten-Na. tuluy ditamabahan ku nguningakeun jalan kaluar dina enggoning ngahontal nyanghareupan pasu’alan kahirupan, nepi ka kacutat sagala hal nu payus jeung kedah dipilampah oge hal nu teu payus jeung teu kedah dipilampah ku manusa, pamustungan nu jadi udagan nyeta ngahontal Ridho Allah swt

Jadi makna taqwa teh nyaeta kawaspadaan, kaati-atian dina ngajalankeun amanat kahirupan di ieu alam dunya, dipalar diestokeun bari dilakonanana sagala parentah Allah tur dijauhanana sagala nu dilarang ku Manten-Na. sabab jalma nu hirupna ati-ati, pasti bakal ngaestokeun sagala parentah Allah, tegesna tumuwuhna kataatan nu kuat, poe-poe kahirupanana wungkul dieusian ku Ibadah ka Allah, mapaes diri ku akhlak nu pinuji, bari ati tanghi manteng salilana eling ka Allah Nu Maha Ngusik jeung Ngageuing.

Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh!

Kacutat dina Al-Qur'an ngeunaan parentah Taqwa, nu samemehna dimimitian ku kalimat panyaur ti Manten-Na kanggo jalma-jalma nu ariman. Lebah dieu, ngandung harti yen geus jadi tuntutan, kanggo satiap jalma nu ngaku iman nu ngaku islam kedah tiasa ngabuahkeun tina kaimananana teh taqwa ka Alloh s.w.t. aya oge sabagean ayat nu nyaur sanes wungkul ka jalma nu Iman tapi ka sakabeh manusa sakumaha nu kaunggel dina Qur'an Surat Al-Baqarah ayat 21 nu ngaitkeun takwa teh mangrupakeun hiji hasil nu dipiharep tina Ibadah:
يَا أَيُّهَاالنَّاسُ اعْبُدُواْ رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ (البقرة : 21
"Yeuh Manusa ! Prak maraneh geura aribadah ka Pangeran anu geus ngayugakeun maraneh katut jalma-jalmaanu samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma-jalma anu taraqwa"

Kataqwaan oge mangrupakeun alat ukur Alloh swt dina nganiléy hiji jalma ngeunaan mulya henteuna hiji hamba di payuneun Manten-Na. Kataqwaan mangrupakeun hiji wasiyat Alloh swt oge wasiyat para Nabi sareng Rasul ka Umatna.Kataqwaan hiji bekel nu panghadé-panghadéna kanggo hiji jalma dina raraga tatahar nyanghareupan kahirupan abadi jaga diakhérat. Ogé kataqwaan mangrupakeun hiji konci kanggo muka lawang karidhoan Manten-Na. Tur kataqwaan téh nu kacida diwanti-wantina ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. ka umatna.

Dina ngaguar makna takwa, mangga urang titenan Hadits Rasululloh s.a.w.:
عَنْ أَبِيْ ذَرٍّ جُنْدُبِ بْنِجُنَادَةَ وَأَبِيْ عَبْدِالرَّحْمَنِ مُعَاذِ بْنِ جَبَلٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا عَنْ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّىالله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ " اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ ,وَأَتْبِعِ السَّيِّئَةَالْحَسَنَةَتَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ (رَوَاه التِّرْمِذِيْ , وَقَالَ :حَدِيْثٌ حَسَنٌ وَفِيْ بَعْضِ النُّسَخِ: حَسَنٌ صَحِيْحٌ)
Ti Abu Dzar, Jundub binJunadah sareng Abu 'Abdurrahman, Mu'adz bin Jabal radhiyallahu 'anhuma, tiiRasulullah Shallallahu 'alaihi wa Sallam, Anjeunna ngadawuh : "Masingtaraqwa anjeun ka Alloh di mana bae anjeun ayana, jeung prak tuturkwun lampah dosa ku lampah kahadean, tanwande bakal mupus/ngalebur eta lampah dosa.Jeung prak anjeun campur gaul jeung sasama manusa kalayan akhlaq nu Hade".(HR. Tirmidzi, anjeunna nyarios : Hadits ieu hasan, dina lafazh sejendarajatna hasan shahih) [Tirmidzi no. 1987].
Imam Abdurrahman As-Sa'di ra. nyarios, yén Hadits ieu téh kacida agungna. Sabab,dina Hadits ieu, Rosululloh saw. Ngumpulkeun antara hak Alloh swt. jeung hak para hamba Alloh swt. Anapon hak Alloh swt nu jadi kawajiban para hamba kanggongalaksanakeunana, nyaéta kedah nancebkeun rasa taqwa ka Alloh swt. dina dirina si éta hamba, kalayan taqwa anu sabener-benerna. Maranéhna kedah sieun kana bebendon sareng siksaan Alloh swt. ku cara maranéhna ngajauhan sagala bentuk pagawéan nu dilarang ku Alloh swt. Taqwa ogé mangrupakeun wasiyat Alloh swt. kakaum-kaum baheula tug dugi ka umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Salian éta ogé,taqwa téh mangrupakeun wasiyatna para Nabi sareng Rosul ka umatna. Sabab,satiap Rosul pasti bakal nyarita ka umatna: "Ibadah anjeun kabéh kaAlloh, jeung masing taqwa anjeun kabéh ka Manten-Na.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ. فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ.
 Khutbah Kedua
الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَلَّى اللهُ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. قَالَ تَعَالَى: يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا}.اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ. اَللَّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ، وَأَرِنَا الْبَاطِلَ باَطِلاً وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِيْنَنَا الَّذِيْ هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتِيْ فِيْهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنَا الَّتِيْ إِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِيْ كُلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

عِبَادَاللهِ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ، وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِِ وَاْلبَغْي، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، فَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ، وَاللهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ.

Pages

Daftar Blog Saya

  • BERFIKIRLAH SEBELUM BERBUAT MAKSIAT - Seorang laki-laki datang kepada Ibrahim bin Adham rahimahullah, Dia berkata: “Ya Aba Ishaq, aku sering berbuat maksiat. Katakan sesuatu kepadaku sebagai ...
    13 tahun yang lalu
  • - الحمد لله الذى أنزل الفرقان على عبده ليكون للعالمين نذيراً.. والصلاة والسلام على محمد بن عبد الله، الذى أرسله ربه شاهداً ومبشراً ونذيراً، وداعياً إلى الله...
    14 tahun yang lalu